PARIBASA DINA BAHASA SUNDA
Babasan Jeung Paribasa Sunda
- Atah Anjang = jalma anu langka silih anjangan ( kurang sosialisasi/bersilaturahmi )
- Adigung adiguna = Takabur / Sombong
- Ambek nyedek Tanaga Midek = Napsu gede tapi tanaga euweuh
- anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu lain-lain ( memiliki keinginan yang terlalu tinggi dan tidak mungkin tercapai )
- adat kakurung ku iga = lampah goreng hese leungitna ( memiliki akhlak buruk yang susah dihilangkan)
- alak paul =jauh pisan (sesuatu hal yang sangat berbeda jauh)
- aki-aki tujuh mulud = geus kolot pisan ( sudah tua )
- ayem tengtrem = tenang taya kasieun (tidak pernah merasa takut biasanya pada konsep keutuhan rumah tangga)
- asa teu beungeutan = awahing rasa era (merasa malu)
- anu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan = mupuas kanu keur cilaka
- amis budi = hade paroman / murah senyum
- aya jurig tumpak kuda = aya milik anu teu disangka-sangka
- aya jalan komo meuntas= pas aya kahayang kabeneran aya anungajak
- awewe dulang tinande=awewe nurutkeun kahayanbg salaki
- amis daging = babari katerapan panyakit
- abong letah teu tulangan = sagala dicaritakeun sanajan pikenyerieun batur
- ari umur tunggang gunug, angen-angen pecat sawed = umur geus kolot tapi kahayang saperti budak ngora
- agul ku payung butut = agul ku turunan
- aya pikir kadua leuitk=aya kahayang
- asa di tonjok congcot=ngarasa bungah pisan
- adean ku kuda beureum=ginding ku barang meunang nginjeum
- birit seupaheun=teu daek cicing
- biwir nyiru rombengeun=resep nyaritakeun /rahasiah kagorengan batur
- bengkung ngariung bengkok ngaronyok = sauyunan, nagriung babarengan
- beurat birit= hese dititah
- bali geusan ngajadi = lemah cai kalahiran
- balungbang timur = nuduhkeun hate beresih
- bobo sapanon carang sapakan = aya kakurangan
- bilatung ninggang dage = bungah pisan
- batok bulu eusi madu = ninggang lain pitempateunana
- budak cihea = degig
- bonteng ngalawan kadu = nu hengker ngalawan nu kuat
- babalik pikir = insap
- balik pepeh = nu gering teu daek cicing
- balik ka temen = asal heureuy jadi parasea
- buntut kasiran = medit / koret
- bodo alewoh = sanajan bodo tapi daek tatanya
- bodo kawas kebo = bodo kacida
- beja mah beje = beja / informasi ulah waka dipercaya
- bancang pakewuh = pikasusaheun
- budak keur meujeuhna bilatung dulang = budak keur meujeuhana daek barang dahar
- buku ka paut = kabawa ku batur
- balabar kawat = beja nu sumebar / informasi yang sedang beredar
- beak dengkak = sagala usaha geus dilaksanakeuntapi tacan wae hasil
- batan kapok kalah gawok = batan eureun kalah maceuh / tidak mau insaf
- buruk-buruk papan jati = hade goreng oge dulur sorangan
- cueut ka hareup = tereh maot
- deukeut-deukeut anak taleus = deukeut tapi teu apaleun
- disakompetdaunkeun = disamaratakeun
- dibejerbeaskeun = dijelaskeun
- dogdog pangrewong = acara tamahan
- dibabuk lalaykeun = dibabuk ngenca ngatuhu / membabi buta
- dagang oncom rancatan emas = teu saimbang
- dihin pinasti anyar pinanggih = kepastian yang sudah ditetapkan Allah
- dug hulu pet nyawa = usaha satekah polah
- elmu ajug = bisa mapatahan ka batur, tapi teu bisa ngamalkeun
- gantung denge = masih dedengeeun / masih terngiang di telinga
- ginding kekempis = ginding tapi sakuna kosong
- gede gunung pananggeuhan = boga andelan pedah boga dulur beunghar
- garo mengmengan = taya kasabaran
- galehgeh gado = sagala dicaritakeun
- garo singsat = pagawean awewe dina aya teu panuju
- gurat batu = pageuh kana jangji atawa mawa karep sorangan
- goong saba ka ria = nonjolkeun maneh sangkan kapake ku dunungan
- goong nabeuh maneh = ngunggulkeun diri sorangan
- getas harupateun = gancang nafsu
- gindi pikir belang bayah = goreng hate
- hampang birit = daekan
- hambur congcot murah bacot = goreng carek tapi berehan / suka memarahi orang tapi dermawan
- heuras genggerong = omongana sugal / kasar
- hade gogog hade tagog = jalema sopan
- hutang salaput hulu = hutangna kaditu kadieu
- hurung nangtung siang leumpang = nu beunghar pangabogana dipake
- hejo tihang = sok pundah pindah pagawean
- harigu manukeun = dadana nyocor ka hareup
- haripeut ku teuteureuyeun = gampang kapincut ku pangabita / mudah terpancing dengan iming-iming
- harewos bojong = ngaharewos tapi kadenge ku batur
- handap lanyap = omongan lemes tapi ngahina
- halodo satahun lantis ku hujan sapoe = kahadean sakitu lilana leungit ku kagorengan sakali
- heureut pakeun = kurang kaboga
- hampang leungeun = gampang tunggal-teunggeul
- iwak nangtang sujen = ngadeukeutan pibahayaeun
- inggis batan maut hinis = paur pisan
- jalma atah warah = teu narima didikan nu sacukupna
- jauh-jauh panjang gagang = liar jauh tapi teu beubeunangan
- jati kasilih ku junti = pribumi kaelehkeun ku tamu
- kawas anjing tutung buntut=teu daek cicing
- kawas anjing kadempet lincar = gogorowokan menta tulung
- kawas bueuk meunang mabuk = ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teuu nyarita
- kurung batok = tara indit-inditan jauh
- kawas beusi atah beuleum = beungeutna beureum awahing ku ambek
- kokolot begog = budak pipilueun kana urusan kolot
- kawas nu dipupul bayu = leuleus taya tangan pangawasa
- kumaha geletuk batuna gejebur caina = kumaha behna / tergantung hasilnya nanti
- kejot borosot = gancang nyokot kaputusan teu dipikir heula
- kabawa kusakaba-kaba = kabawa ku anu teu puguh
- kahieuman bangkong=jiga beunghar pedah katitipan barang batur
- katempuhan buntut maung= katempuhan ku kasalahan batur
- kawas cai dina daun taleus= taya tapakna
- kawas jog-jog mondok = teu daek repeh. http://kangacepsalman.blogspot.co.id/p/blog-page.html
Tidak ada komentar:
Posting Komentar